Dina zaman kiwari, carita sunda
tos ngawitan ngaleungit, padahal kangé urang sunda kedah dijaga éta carita
sabab mung urang sunda anu gaduh carita éta.
Ku jalaran kitu
abdi seja badé makalangan anu mudah-mudahan tiasa jadi pangémut-ngémut ka anu
tos hilap carita sunda. Carita sunda aya anu di tulis ku sesepuh aya ogé
anu turun temurun lewat cariosan sepuh na, matakan teu saeutik satiap carita sok
beda versi, Pami Ieu carita sunda anu parantos ku abdi kadangu sareng ka aos :
SASAKALA GUNUNG TANGKUBAN
PARAHU
Kacatur dina zaman baheula di
tatar sunda aya hiji bagong bodas, anu pohara
hayangeun boga budak ti bangsa manusa, manéhna tatapa di hiji leuweung dugika
mang taun-taun, ku jalaran hanaang pisan maksakeun lunta turun ti éta leuweung
ka walungan Citarum, di sisi walungan citarum loba pisan dawégan anu atos di
beulahan tilas anu moro mencek, aya hiji dawégan anu ngumplang cai na ku sabab
bener-bener hanaang ku bagong téh langsung di serot dugika béakna, bagong teu
apaleun anu di serot ku manéhna téh cai kahampangan raja, harita kénéh asa aya
anu ngajalar dina awak na, rarasaan na mimiti teu paruguh, bagong bodas teu
lila reuneuh.
Bagong bodas reuneuh na beuki
gedé waé, teu lila ti harita éta bagong ngalahirkeun, pohara atoheun pisan sabab
manéhna ngalahirkeun budak manusa awéwé anu kalintang geulisna, atuh ku bagong
bodas téh éta orok di galéntor, diciuman, terus disusuan, ku bagong bodas éta
orok di béré ngaran nyaéta Dayang Sumbi
Singkat carita, Dayang Sumbi geus
jadi gadis geulis, mimiti geus hayangeun nyaho bapana, “tuang ibu saha atuh
bapa abdi téh ?” dijawab ku bagong bodas, “nyai pami aya mah atuh ayeuna didieu”.
Dayang sumbi pok deui-pok deui maksa hayang nyaho saha bapa na, “tuang ibu
piraku abdi teu gaduh bapa!” ceuk dayang sumbi. Ku sabab di paksa terus, bagong
bodas téh ahirna mah nyarita balaka, nyaritakeun manéh na geus nginum tilas
kahampangan raja tug dugika reuneuh na.
“Lamun nyai hayang nyaho jeung
hayang panggih jeung bapa nyai jung datangan raja, di ditu aya karaton” ceuk
bagong bodas. Dayang Sumbi kacida reuwaseunana , jeung ujug-ujug panasaran
hayang nyaho rupa bapa na, “lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék di tépungan”
harita kénéh dayang sumbi pamit ka bagong rék nepungan anu jadi bapa sakumaha
anu dicaritakeun ku Bagong Bodas.
Teu patos lami dijalana Dayang
Sumbi dugika karaton, didinya Dayang Sumbi balaka sakumaha anu dicaritakeun ku Bagong
Bodas saméméhna, atuh ku raja di bagyakeun tur diaku anak, ku raja Dayang Sumbi
dipérénahkeun dihiji tempat tur dipiwarang diajar ninun, Dayang Sumbi pinter sakedap diajar na tapi atos
mahir dina ninunna. tuluy ku raja Dayang Sumbi di pang nyieunkeun saung ranggon
di tengah leuweung, ari baturna mung hiji nyaéta anjing anu di béré ngaran si
Tumang.
Dina hiji waktu Dayang Sumbi nuju
ninun tapi taropong na murag ka kolong, anjeuna alim turun lantaran seunggah
pas dina naékna, terus nyarios lalaunan “lamun aya nu pang nyokotkeun lalaki rék
di jieun salaki tapi lamun awéwé rék di jieun babaturan cakét”. Kabeneran di
kolong téh aya si Tumang, ka déngéeun dayang sumbi nyarita kitu, langsung ku si
Tumang éta taropong digegel di bawa ku si tumang terus dibikeun ka Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi kacida reuwas na
sabab anu pangnyokotkeun éta taropong téh lain manusa tapi si Tumang anjing anu
maturan nana, kagok kapalang geus kedal ucap ahirna Dayang Sumbi jeung si
tumang hirup paduduaan. Tepi ka hiji waktu Dayang Sumbi hamil terus
ngalahirkeun budak lalaki anu kacida kasepna, ku dayang sumbi éta budak dibéré
ngaran nyaéta Sangkuriang.
Sangkuriang diaping dididik
dugika jadi budak bageur. Sangkuriang getol diajar moro, di ajar papanahan,
nepika pinter dina papanahan na, dina hiji waktu Dayang Sumbi hayangeun ati
mencek, “Sangkuring pang morokeun mencek atuh asa hayang ati mancek” ceuk Dayang
Sumbi, “muhun tuang ibu”, tembal Sangkuriang. Teu loba nyarita harita kénéh
sangkuriang indit ka leuweung rék moro mencek, nepi kaleuweung kabeh tempat anu
sok loba mencek di datangan tapi teu pernah ningali mencek hiji ogé, jeung
ngahajakeun si Tumang gé cicing teu jiga sasarina.
Sangkuriang ngalamun sabab teu
beubeunangan dina morona, kalaka aya rasa amek ka si tumang anu ngan bisa
nuturkeun hungkul,ceuk Sangkuriang “euweuh deui cara kudu dipeuncit si tumang
ala atina terus di bikeun ka tuang ibu, éra balik teu beubeunangan mah”. Harita
keneh si tumang dipeuncit ku sangkuriang terus diala ati na. Sangkuriang balik
bari mawa ati si Tumang.
Geus nepi di imah na kacida atoheunana
indung na langsung masak samara keur nyamaraan ati mencek, teu apaleun éta anu
rek dipasak téh ati si tumang salaki na, teu pati lila carita na asak éta ati téh
terus dahar ngariung jeung si Sangkuriang. Dayang Sumbi mimiti muka caritaan, “Sangkuring
kamana ari si tumang asa teu katingali ti tadi” pok Dayang Sumbi. Sangkuriang repeh
teu nyarita sabab sieun ku indung na, tapi pok deui pok deui indung na
nanyakeun si Tumang, “hampura tuang ibu anu di tuang tadi ku urang éta téh ati
si tumang lain ati mencek,”tembal Sangkuriang. Harita keneh dayang sumbi amek
terus kedal si Tumang téh sa benerna bapa sangkuriang, saking ku pohara amek na
dayang sumbi teu nyadar langsung nga gebug sirah na si sangkuriang.
Tuluy Sangkuriang pundung, kabur
asruk-asrukan ka leuweung, anu di pikirna ku Sangkuriang susuganan aya sato
galak anu daek ngakan bras anjog ka nagara siluman didinya Sangkuriang panggih
jeung siluman wujudna oray naga. Sangkuriang didinya ngulik élmu, elmuna nyaeta
tumbul muda, jalma anu ngabogaan éta bakal moal aya nu ngelehkeun sa kum na jin
jeung siluman. Sanggeus élmuna asak sangkuring dijurungkeun deui indit
ngalalana.
Dina hiji waktu sangkuriang
manggihan nagara jin jeung siluman terus didinya maneh na galungan sareng jin
siluman, tapi teu aya oge anu mampuh ngelehkeuna, kabeh jin jeung siluman
tunduk ka sangkuriang. Di Negara jin jeung siluman éta sangkuriang jadi raja
jeung jin siluman rék turut tunduk dina sagala na.
Ayeuana Dayang Sumbi anu di
tinggalkeun ku anakna kacida kaduhung pisan geus ngagugu kana nafsu, ngahuleng
jentul hirupna, terus indit Dayang Sumbi ka Beulah kulon niat rék néangan Sangkuriang,
ngaprak teu aya anu di tuju bras dugika hiji gunung, didinya Dayang Sumbi
panggih jeung raja jin anu keur tatapa, didinya Dayang Sumbi guguru nepika
sarupaning élmu-élmu kasaktian tamat kabéh, ku raja jin Dayang Sumbi di jurungkeun
indit ka beulah wetan dugika Gunung Bohong didinya Dayang Sumbi bumetah.
Kacaritakeun Sangkuriang
nuluykeun ngalalana na, mileuweungan migunungan tepi ka puluh-puluh taun, ahirna
jog ka hiji gunung nu disebut Gunung Bohong, didinya Dayang Sumbi ningali
wanoja anu kacida geulis na nepika bogoheun na jeung maksa ngajak kawin padahal mah éta téh Dayang
Sumbi indung na. nya kitu deui Dayang Sumbi sarua bogoheunana kalinglap
mangpuluh puluh taun teu papanggih, méh waé daék di ajak kawin. Ngan basa di
siaran sirah na aya ceda urut baheula di toktrok sirahna ku pangarih sangu, Dayang
Sumbi kacida reuwasna.
Ku Dayang Sumbi dicaritakeun yén
sangkuriang téh anak pituinna Dayang Sumbi tapi tetep teu percayaeun, maksa
ngajak kawin ka Dayang Sumbi, geuwat baé dayang sumbi nyiar akal. Dayang Sumbi
méré sarat ka Sangkuriang lamun bisa ka tedunan, sadia diajak kawin. “Sarat nu
kahiji pang bendungkeun Citarum cing jadi talaga, terus pang nyieunkeun sampan
parahu anu alus keur lalayaran papanganténan, dina waktu sapeuting”, ceuk Dayang
Sumbi. Sangkuriang atoheun pisan terus nyanggupan.
Harita keneh sangkuriang
ngabendung Citarum. Di gawe teu eureun-eureun bari di bantuan ku jin jeung
siluman anu geus di taklukeun ku maneh na. nincak janari walungan Citarum geus di
bendung, tingal sampan na parahu keur lalayaran, ka beneran aya tangkal kai Beulah
wetan, gedok di tuar ku Sangkuriang rungkadna ka beulah kulon terus di tilasan
rgang na, di papasan dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin pamentana
moal katedunan pamohalan teuing nyieun talaga jeung parahu dina waktu
sapeuting, ceuk pikir na, tapi pas katenjo talaga geus ngemplang jeung parahu
na ngabagug rék anggeus. Dayang Sumbi mikir kumaha cara na ngagagalkeun nana
supaya kawin bisa gagal, Dayang Sumbi inget kana boéh raring dicokot baé tuluy
lumpat ka mumunggang Beulah wétan, terus di kebut-kebut, tepika bijil cahaya
bodas kawas balébat tandana beurang ngadadak sasakala sasatoan leuweung
disarada. Manuk-manuk récét. Hayam réang kongkorongok da disangkana geus
beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nénjo
di wétan bijil balébat, manéhna nu keur nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng
awahing ku reuwas. Bijil balébat beurang mangka parahuna can anggeus, hartina
manehnana moal tulus papanganténan sareng Dayang Sumbi. Bakating ku handeueul
kabina-bina, ngan jedak baé parahuna ditajong satarikna, bubuhan jalma sakti,
parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat parahu téh nangkub jleg
salin rupa jadi gunung, éta gunung téh kiwari katélah Gunung Tangkuban Parahu. Ari
talagana anu ngémplang di dupak dugika ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari
jadi padataran Bandung anu ngampar lega pisan, tunggul kai urut nuar
sangkuriang ngajanggélék jadi gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkuban
Parahu. Ari régangna kai anu ngahunyud sarta geus rangrang teu daunan, tuluy
ngajanggélék jadi gunung burangrang Beulah kulon.
tamat
Tidak ada komentar:
Posting Komentar